Thursday, January 9, 2020

sus scorfa faeces *bo hoki, bo hwat* (punten sawios tong diaos, pamali...)

ah pokona mah kieu, aya tilu urang budak ngora sosobatan. sebut we nami alias: ujang ibi, ujang ucup, jeung ujang yono. kacida teu baralegna eta tilu sobat teh, tapi teuing kunaon ku sabab meureun pinter kodek, teu baraleg ge anggeur we hirupna mayeung....emang keur jamanna meureun nya nu parinter kodek ahli ngibul kalahkah jaradi diaku ku masarakat.
ah pokona mah kieu, eta tilu sobat panasaran hayang ngasaan naek gunung. da saumur - umur ngan saukur naek ka para jeung ka na genteng wungkul, tara naek gunung mah. da biasa hirup ngeunah, tara we kapikiran hayang hese, komo naek gunung mah. tapi da teuing kunaon, ujug2 we godaan naek gunung teu karuateun nahan, kudu we dicumponan.
ah pokona mah kieu, eta tilu sobat akhirna nepi tah ka sisi gunung, sebut we eta gunung ngarana dilandi gunung hareupmonas. tah didinya teh aya nu jajaga, jadi juru kuncen gunung, aya 2 tah kuncen na teh. sebat we salah sahijina nami aliasna: abah ato. puguh eta eta tilu sobat teh rumasa si abah ato simana kuat, da elmu teu baleg nu dipikaboga si tilu sobat teh jigana hasil nitis ti si abah ato eiu. hiji deui nu janten kuncen teh, geus maot, namina si abah ano, ayeuna propesi kuncen si abah ano diwariskeun ka nini ega. puguh teu sasakti si abah ano, jauh pisan, teu bisa dibandingkeun. mung duka kumaha da para wargi di parumpon abah ano teh percanten we nini ega ge sakti ngan saukur kulantaran si nini turunan ti si abah ano.
ah pokona mah kieu, si tilu sobat ngahaja ngadeup ka 2 kuncen, menta widi.
boh si abah ato, boh si nini, dua duana omat2an, mun naek gunung eta, tong nepikeun katincak eu-eu na bagong. pamiarsa, aya nu teu teurang naon eu-eu bagong teh? ya ieu atuh sing jentre bilih teu terang mah: tai bagong, nama latinnya: sus scorfa, eu-eu tah ceuk dokter mah digentos namina janten: faeces. da rumasa meureun pamiarsa seueur pisan nu geuleuhan, janten ngarah langkung sae sareng keren, gentos we lah ku nu keren : sus scorfa faeces. kan ayeuna mah jaman na kitu, karesep masarakat eyuna mah kitu, nu barau mung saukur digentos namina, janten ditutup kateusaenana, padahal angger we: bau.
ah pokona mah kieu, tah eta nu namina sus scorfa faeces teh,katelah pisan pamalina, tong waka katoel, kaambeu ge tos bahaya. komo deui katincak, wah bakal sial pisan ceunah ceuk dua kuncen teh...
tapi da nafsu naek gunung geus dijungjung, pokona mah nepi we tilu sobat teh ka puncak gunung, mung teu babarengan, ujang ibi heula, teras ujang yono, mung ujang ucup mah saeutik deui ka puncak geus ngalehleh cape...ditanya ku ujang ibi: "euy ucup, kunaon atuh maneh teh, saeutik deui yeuh..." ucup ngajawab bari hahehoh capeeun: "teu kuat euy, beak nafas". ujang yono nembalan: "naha bisa beak nafas, pan modal tanaga mah sarua malah leuwih hade tidinya". ucup ngajawab: "duka atuh, asa bararau yeuh" ibi jeung yono papelong pelong, terus babarengan nanya ka ucup: "ucup, didinya ngarasa nincak nanaon teu?" ucup langsung ngahuleung, terus umba ambeu, terus bari sedih nembal : "aaaaaaaaah euy, nincak taeun bagong yeeeeeeeeeeeuuuuuuuuh". ibi jeung yono babarengan: : "alaaaaaaaaaaaaaaaah siah, siaaaaaaaaaaaaaaallll"
ah pokona mah kieu, ucup ceurik. ibi jeung yono sura seuri.
malah yono, make gaya khasna, kalahkah mapatahan "sodara2, kumaha ge sadayana kumaha amal - amalan. sing santun, kedah jagi etika"
ucup beuki ceurik, bari geuleuh, boh ku faeces boh ku papatah yono.
ah pokona mah kieu, eta tilu sobat balik turun gunung. terus masing2 misah, hirup jalan masing2. gawe, karir, nikah, baroga anak.
ah pokona mah, sanggeus 17 taun papisah, ngayakeun reuni we akhirna.
ah pokona mah kieu, ternyata teu 100% bukti pamali ti 2 kuncen gunung teh, mung 50%, ternyata eta tilu sobat katelah suksesnya, jadi terpandang diaku ku masarakat. mung, tah ieu meureun 50% sialna, ucup istrina euweuh geulis2na, matre pisan, jeung judes kacida. nu bingung, naha geuning istri ibi ge teu beda jeung ucup, katelah tara gumujengna eta istri wanoja teh.
ucup jeung yono panasaran, nanya : "naha euy geuning bobogaan didinya bisa kitu, pan mung ucup baheula nu nincak ssf (disingkat we lah pamiarsa eta si eu eu)?"
ibi, bari nahan ceurik, nembal : "hampura euy ucup, sabenerna mah baheula, ihiks, eta teh, ihiks, sim kuring labuh kana gugunduk, ihiks, gugunduk, ihiks, taeun bagong tea..." ucup jeung yono: "haaaaaaah, naha teu bau atuh ibi?"
ibi : "nyaeta, kuring geuwat ceungkat, terus baju jeung calana dipiceun terus ganti baju, gugunduk di abur daun ngarah teu katingali, pas ucup tukangan ibi, tah jadi we teu katingali da katutup daun, ku ucup teu karasa katincak..., duh hampura ucup, ayeuna aya kabukti sial geuning..., ihiks ihiks ihiks."
ucup bengong, yono sura seuri asa rumangsa pangbersihna. jeung baku biasa, mapatahan bari goyang goyang panangana : "tuh pan ceuk kuring ge, sadayana kumaha amalan, kumaha ngajagi etika na" padahal intina mah narsis rumangsa pangteunincakna jeung teu pangbauna.
ucup ngeukeup ibi, ibi ceurik ngagukguk, ceuk ucup : " geus ibi, geus, repeh...urang mihampura, tong diinget inget deui soal taeun bagong mah"
pas beres ucup ngomong kitu, jol tah istri yono, kacida geulis, seger, jeung katingali pisan solehah jeung bageur pisan, jeung jiwa aktif jigana, naros ku sae basa jeung intonasi:
"euleuh, bapa bapa, na kunaon, hapunten abdi tumaros, naha dugi ka ragrag cisoca, tara tara ti sasari, atanapi dupi ku sono pisan kitu dugi ka pageuh ngeukeup salira? duh sae tur bagja atuh nya sosobatan siga kitu teh..."
ucup nembal:
"ah punten, sanes kitu, ieu mah mung emut ka nostalgia, kapungkur, hehehe, punten, hehehe, eta kapungkur emut abdi duaan nincak, hehehe, punten, kungsi nincak taeun, heheheh, eta taeun bagong....pas naek gunung hareupmonas jaman ngora keneh"
istri yono nu geulis bageur jeung sajabana, bengong, kaget, ngahuleung, teras seuri alit bari nutupan biwirna nu campernik...
ibi naros : "eueluh, muhun pikaseurieun aya aya wae yeuh pangalaman kuring jeung sobat ucup jeung yono nuju ngora"
istri yono, nahan nafas, teras nembal deui:
"sumuhun, da abdi ge kapungkur nuju mahasiswa ge ngiring pecinta alam, teras pernah oge ngiring tim survei naek gunung nu sami, sareng....aduh isin abdi....ehm, punten, sami abdi, ehm, kapungkur ge abdi nincak faeces eta oge...aduuuuh isiiiiin"
ucup jeung ibi bengong,
terus melong ka yono.
eta duaan, ibi jeung ucup,
ujug2 babarengan seuri ngabarakatak tarik teu eureun - eureun bari tutunjuk ka yono ............................................................................................................................................................................................................................................................
06 Maret 2010

No comments:

Post a Comment