Thursday, January 9, 2020

ririncik

geuning sono: ka hujan. hujan nineung: ka taneuh. taneuh mikaemut: ka dangdaunan luruh. dangdaunan miharep: ka imbun. imbun mikawelas: ti cisoca. anjeun mingantos: cihujan. cisoca mikameumeut: ka anjeun, ka anggo ku anjeun sibeungeut sabari nyumputkeun cirembai. cirembai: kulantaran gorowonghate, ngabulungbung jero.

19 Juni 2010.

No comments:

Post a Comment